Uga Jasinga

"Dina hiji mangsa bakal ngadeg gedong hejo anu bahanna aya di leuwi curug, leuwi sangiang jeung nu sawarehna aya di girang. Ciri ngadegna gedong hejo lamun tilu iwung geus nangtung nu engke katelahna awi tangtu. Didinya bakal ngadeg gedong hejo di tonggoheun leuwi sangiang" * TiKokolot Jasinga*.

MANTRA JAGA AWAK

MANTRA UNTUK MENJAGA DIRI KITA DALAM PERJALANAN :

Sri putih pangiring hurip
Sri herang sangsiram badan
Bulenget pangeran sakujur badan
Titip kula ka malaikat Ijroil
Nu aya di belah katuhu
Hayang dipangjagakeun, pang rasakeun
Beurang kalawan peuting keur malaekat Ijroil

Sri putih pangiring hurip
Sri herang sangsiram badan
Bulenget pangeran sakujur badan
Titip kula ka malaikat Isrofil
Nu aya di hareup
Hayang dipangjagakeun, pang rasakeun
Beurang kalawan peuting keur malaekat Isrofil

Sri putih pangiring hurip
Sri herang sangsiram badan
Bulenget pangeran sakujur badan
Titip kula ka malaikat Mikail
Nu aya di belah kenca
Hayang dipangjagakeun, pang rasakeun
Beurang kalawan peuting keur malaekat Mikail

Sri putih pangiring hurip
Sri herang sangsiram badan
Bulenget pangeran sakujur badan
Titip kula ka malaikat Jibril
Nu aya di tukang
Hayang dipangjagakeun, pang rasakeun
Beurang kalawan peuting keur malaekat Jibril


Note : Mantra ini digunakan untuk keselamatan dalam bepergian.



BENANG GUGURU TI GUNUNG
BENANG NANYA TI GURIANG

Tidak ada komentar:

Posting Komentar