Uga Jasinga

"Dina hiji mangsa bakal ngadeg gedong hejo anu bahanna aya di leuwi curug, leuwi sangiang jeung nu sawarehna aya di girang. Ciri ngadegna gedong hejo lamun tilu iwung geus nangtung nu engke katelahna awi tangtu. Didinya bakal ngadeg gedong hejo di tonggoheun leuwi sangiang" * TiKokolot Jasinga*.

JAMPE TANAM PADI HUMA DI PAGUNUNGAN JASINGA

DIPIMPIN KU SESEPUH KAMPUNG

Bismillahirrahmanirrahiim

Ngaseuk (Melubangi Tanah untuk menanam bibit)

Bulkukus menyan putih
Pat herang pat lenggang
Pat samaya-maya
Punika ajengan Nabi
Maka wawuh jung aluh
Maka nyerep jung lenyap
Sri kagunggum sri kagenggem
Kagunggum kanu keagungan
Kagenggem kanu karesa
Mahluk papanganing sri manusia
Allahuma ni herang
Allah dat les tanpa wekas


Jampe sawan (memberi mantra pada benih padi)

Nini awan-awan
Aki sawan-sawan
Sawan jampe sawan nu di jampe
Sawan jampe sorangan
Hirup ku Nabi waras ku Allah
Kersaning Allah

Tandur (Tanam padi)

Ashadu sadat bumi
Bumi suci badan suka
Suka-suka ku panarima
Tarima ku ujud ning Allah
La ilaha ilallah
Niat kula ngawinkeun sri ka bumi
La ilahailallah
Muhammadarrasulullah


Sumber : 

Ki Sartam, Barangbang Jasinga
Kalakay Jasinga


Tidak ada komentar:

Posting Komentar