Uga Jasinga

"Dina hiji mangsa bakal ngadeg gedong hejo anu bahanna aya di leuwi curug, leuwi sangiang jeung nu sawarehna aya di girang. Ciri ngadegna gedong hejo lamun tilu iwung geus nangtung nu engke katelahna awi tangtu. Didinya bakal ngadeg gedong hejo di tonggoheun leuwi sangiang" * TiKokolot Jasinga*.

TUTUNGGUL JEUNG TETENGGER

TUTUNGGUL JEUNG TETENGGER


JASINGA…Nu depa di bumi SUNDA
Ngaran anu nyorang ka denge
Lemah anu nyorang ka tincak

JASINGA…ngeun tinggal ngaran
Nu ka sampak ngeun barisan imah
Nu ka panggih ngeun riungan somah

LEUWI DALEM, PAGUTAN, ngandung carita
LEUWI SANGHYANG, GUNUNG KULANTUNG, 
saksi lalakon
CIDANGHYANG jeung PARAHYANG geus narikolot

Nanjungna JASINGA geus dilalakonkeun
Lalakon karuhun baheula
Nu ngawangun jeung bela pati lemah caina

Saksi kajayaan baheula……
Ayeuna ngan tutunggul nu ngajarantul
Tutunggul nu ngagaloler

JASINGA ayeuna, jiga leungit komara
Komara nu rek leungit wawangi
Jiga Cai nu tereh saat, Gunung nu tereh lebur
Seuneu nu rek parem, Lebak nu rek ruksak……

Panghareupan nu gumantung kana lalangit
Nu nangtung kuwung-kuwung ka lapuk bentang
Pangjurung ngapung ka manggung…

Kiwari….anak incu nyukcruk galur
Nu neruskeun lalampah, pikeun ngawangun JASINGA
Nu weweg sampeg mandala pageuh….



Diguratkeun di sisi Cidurian Jasinga 2006
Andri M.F

1 komentar: