Uga Jasinga

"Dina hiji mangsa bakal ngadeg gedong hejo anu bahanna aya di leuwi curug, leuwi sangiang jeung nu sawarehna aya di girang. Ciri ngadegna gedong hejo lamun tilu iwung geus nangtung nu engke katelahna awi tangtu. Didinya bakal ngadeg gedong hejo di tonggoheun leuwi sangiang" * TiKokolot Jasinga*.

SI PECAK JEUNG SI BURVT


Tradisi Caritaan Barudak Jasinga yang diceritakan kepada anak-anak oleh orang dewasa, yang dilaksanakan pada malam hari ketika berkumpul di pelataran rumah atau tempat-tempat ronda. 


Caritaan ini kebanyakan bersifat jenaka. Penyajian sengaja dengan bahasa aslinya agar arti dan makna nya tidak berubah.


SI PECAK JEUNG SI BURVT

Sore-sore Si Burvt ulin ka imahna Si Pecak


Si Burvt   : "Pecaak". Ngagero di hareup imah

Si Pecak  : "Uuuuy, aing dijerooo". Pecak ngabales

Si Burvt   : "Heh Pecak, urang ka sawah yuk, ngala kalapa !". Burvt ngajakan

Si Pecak  : "Mbunglah, geus rek magrib Rut".

Si Burvt   : "Alah maneh Cak, mani kugaya! Maneh mah rek beurang tau peuting ge tetep peuting. Kajenlah Cak nke jeung maneh dua siki aing mah hiji be. Jeung deui maneh ges lila tara nginum cai kalapa deui". Si Burvt ngoloan Si Pecak.

Si Pecak : "Bener oge nyah, hayu atuh". Ceuk Si Pecak bari jeung siap siap mangkat


Si Pecak jeung Si Burvt barangkat ka sawah. Si Burvt dihareupeun, Si Pecak di tukangeun Si Burvt.


Si Pecak  : "Geura naek Rut, Aing geus aus yeuh". Ceuk Si Pecak

Si Burvt   : "Cak, pan aing mah teu bisa naek tangkal kalapa". Si Burvt karak engeuh manehna teu bisa naek kalapa

Si Pecak  : "Nggeus geura naek bae, kos monyet". Si Pecak nitahan ka Si Burvt bari ngelusan tikorona

Si Burvt   : "Heu geh aing nyobaan lah". Bari ngalipetkeun sarungna jeung ngabayangkeun monyet keur naek kalapa


Akhirna Si Burvt naek, tapi kunaon tisaprak eta, Si Burvt eweuh soraan, najan digeuroan ge ku Si Pecak. Si Pecak panasaran ko Si Burvt digeroan titadi teu nyahut-nyahut. 

Kusabab Si Pecak ges teukuat auseun, manehna naek oge kana tangkal kalapa nu ditaekan ku Si Burvt. 

Lalahunan Si Pecak naekna, bari leungeuna ngarabaan luhureun sirahna ges nepi apa ncan. Pas rada luhur, lengeun Si Pecak akhirna ngageurewek eta kalapa. 


"Benang sia ku aing". Ceuk Si Pecak bungah
Teu lila Si Pecak ngomong deui ...

"Ieu kalapana ko bie nyah?". Ceuk Si Pecak bari panasaran


Teu lila kaluar cai dina eta kalapa ... diasaan ku Si Pecak


"Cai kalapa ko kieu amat?", kusabab Si Pecak geus lila tara nginum cai kalapa, poho deui kana rasana. 

"Wah cengkir ieu mah kalapana". Si Pecak ngomong sorangan


Teu lila eta kalapa di dudut ku Si Pecak, dipulintirkeun hela eta kalapa mbeh gampang didudutna. 

Geus kitu, pas didudut aya suara ngagoak, nyaeta suara Si Burvt. Tapi eta kalapa kaburu kagol kadudut ku Si Pecak. 

Terus Si Burvt ragag, lengeun Si Burvt nyeukelan ka lengeun Si Pecak. Ju be duanana ragag ...

GUBRAGGGGGGG !

"Adawwww ...". Si Burvt jeung Si Pecak ngagoak

Si Burvt  : "Pecak sia mah kabina-bina eta aing di krewek ku sia". Si Burvt ngambek

Si Pecak : "Aing teu nyaho eta sia, ja eweh soraan, atu sia cicing bae ku aing digeroan geh".

Si Burvt  : "Aing sieun pas diluhur, inggis Cak, aing pereum be di luhur. Aing teu nyaho sia horeng miluan nerekel naek. terus aing kiih ja sieun ges diluhur teubisa kahandap dei.

Terus si pecak buru-buru lumpat ka cai kusabab awakna baseuh ku kiih si burvt.

Selesai.




Kalakay Jasinga

1 komentar: